Kamis, 29 Mei 2008

PRABU SILIWANGI: DI ANTARA FAKTA JEUNG MITOS

ku Asep Nurjamin

Pikeun masyarakat Sunda, Prabu Siliwangi teh mangrupa tokoh sajarah. Hartina Prabu Siliwangi teh dianggap kungsi aya di kieuna. Anjeunna dianggap raja agung nu kungsi nyakrawati ngabahu denda di Karajaan Sunda. Sok sanajan kitu, nu saenyana dina buku-buku sajarah ngeunaan Karajaan Sunda mah teu kungsi kasebut aya raja nu ngaranna Prabu Siliwangi.

Dina sababarah prasasti, nu kasebut teh ukur Prabu Raja Wastu, Rahyang Niskala Wastukancana, Rahyang Ningratkancana, jeung Sri Baduga Maharaja minangka raja Sunda. Dina catetan sajarah anu mangrupa naskah oge ngaran Prabu Siliwangi minangka raja Sunda teh teu kungsi kasebut. Dina naskah Sanghyang Siksa Kandang Karesian nu disusun tahun 1518 disebutkeun yen Siliwangi teh mangrupa judul carita pantun (Aca & Saleh Danasasmita, 1981). Numutkeun juru pantun nu aya di Bogor dina tahun 1986, Siliwangi teh ngarupakeun raja agung ti Pajajaran. Upama nu dicaritakeun dina eta eusi carita pantun sarua jeung eusi carita pantun Siliwangi nu disebut dina Sanghyang Siksa Kandang Karesian, hartina dina taun 1518 ngaran Siliwangi salaku raja Pajajaran geus jadi tokoh sastra, tokoh sasakala, jeung tokoh sajarah. Hal ieu ngandung harti oge yen dina mangsa pamarentahan Sri Baduga Maharaja (1482-1521), ngaran Siliwangi geus jadi tokoh sastra. Kitu deui numutkeun naskah Bujangga Manik nu nyebutkeun yen Siliwangi (nu ditulisna Silih Wangi) teh ngaran tokoh nu diabadikeun dina ngaran pamandian atawa sumur Jalatunda di daerah Kabupaten Brebes Jawa Tengah ayeuna. Numutkeun Noorduyn (1982), eta katerangan teh jadi ciciren yen nalika eta sajarah ditulis, Silih Wangi teh geus jadi tokoh sajarah anu kacida populerna. Kulantaran kitu, gede pisan panasaran pikeun ngajawab pertanyaan ngeunaan saha anu saenyana ari Prabu Siliwangi teh. Naha anjeunna teh saukur mitos atawa legenda nu aya dina hasanah budaya masyarakat Sunda atawa hiji tokoh sajarah nu enya-enya kungsi aya di kieuna?

Salaku tokoh legendaris, mitologis, jeung pahlawan dina alam kabudayaan, Prabu Siliwangi dianggap tokoh nu asalna ti kulawarga karaton, putra raja ti prameswari, kasep, leber wawanen, gede kawani, wijaksana, jeung adil. Ajeunna raja pamungkas di Pajajaran nu pinunjul. Prabu Siliwangi dicaturkeun jadi raja nu sakti nepi ka teu bisa paeh, saukur ngahiang, ngaleungit raga badagna. Ari rohna tetep hirup ngageugeuh di tatar Sunda. Mun kawenehan, roh Prabu Siliwangi sok datang magrupa maung lodaya. Nepi ka kiwari, roh Prabu Siliwangi masih nyerangkeun bari ngaping ngajaring ti kaanggangan bok bisi urang Sunda meunang pangrobeda.

Sakali deui, perlu diyakinkeun yen eta kayakinan urang Sunda teh estu ngan numutkeun sumber sajarah anu sekunder, mangrupa babad, wawacan, atawa folklore. Dina sajarah primer anu mangrupa prasasti jeung naskah kontemporer mah ngaran Prabu Siliwangi teh teu kungsi pisan disebut. Ku lantaran kitu, bisa dicindekkeun yen tokoh Prabu Siliwangi teh teh lain tokoh sajarah tapi ukur tokoh nu hirup dina alam ciciptaan urang Sunda.

Numutkeun data sekunder nu aya, carita ngeunaan Prabu Siliwangi teh bisa dijieun tilu kelompok. Kelompok kahiji, nyaritakeun Prabu Siliwangi (1) minangka tokoh anu agung tur linuhung. Dina kelompok ieu teu dicaritakeun yen Siliwangi teh (2) mangrupa raja Pajajaran anu munggaran atawa nu pamungkas tapi ukur dicaritakeun yen anjeunna teh (3) boga luluhur jeung boga turunan. Sumber sekunder anu kaasup kelompok ieu teh, nyaeta: Babad Siliwangi, Babad Pajajaran,Carita Anggalarang, jeung Cariosan Prabu Siliwangi.

Kelompok kadua, nu umumna aya di daerah Cirebon, nyaritakeun yen Prabu Siliwangi teh: (1) luluhurna Syarif Hidayat atawa Sunan Gunung Jati, (2) raja pamungkas ti Pajajaran, (3) nagarana dicangking ku anak incuna. Sumber sekunder anu kaasup kelompok ieu teh, nyaeta: Carita Purwaka Caruban Nagari, Babad Cirebon, jeung Wawacan Walangsungsang.

Kelompok katilu, nyaritakeun yen Prabu Siliwangi the: (1) raja Pamungkas ti Pajajaran. Anjeunna (2) dicaturkeun jadi raja anu hengker, (3) nagarana ancur burakrakan. Dina kelompok ieu Siliwangi (4) dicaritakeun ngahiang pikeun nyingkahan pangajak jeung pamaksa sangkan ngagem Islam ti putrana anu kaceluk Kean Santang. Sumber sekunder nu kaasup kelompok ieu nyaeta Babad Godog sareng Wawacan Perbu Kean Santang.

Sanajan taya pisan bukti sajarah nu nguatkeunana, kayakinan kana ayana Prabu Siliwangi teh nepi ka kiwari tetep hirup dina alam pikiran masyarakat Sunda. Loba keneh jalma nu percaya yen roh Prabu Siliwangi teh masih keneh bisa diamat tur nyurup kana awak jala kiwari. Cenah, nalika nyurup kitu Siliwangi Prabu Siliwangi mere wangsit, pituduh, mere wejangan, ngawawadian, ngelingan sangkan sakabeh seuweu siwi Siliwangi hirup bener cageur bageur. Biasana, nyurupna teh ka jala anu neyebut-nyebut ngaran Siliwangi, cenah.

Ku kuat-kuatna kayakinan kana ayana jeung kasaktianana, nepi ka dina mangsa ngadegkeun divisi tentara di Jawa Barat dingaranan Divisi Siliwangi kalayan make lambang hulu maung lodaya. Nu dipalar sangkan para prajuritna boga rasa percaya diri, pengkuh, ngagedur sumangetna dina enggoning bebela ka nagarana,

Urang Sunda percaya yen teu saeutik tempat di tatar Sunda nu dipercaya mangrupa tapak lacak Prabu Siliwangi. Eta tempat teh dianggap tempat panganjrekan, tempat ngahiang, tempat nu kungsi didatangan, jeung rea-rea deui. Titingalna aya anu mangrupa watu gigilang nu sok disarebut oge pangcalikan atawa batu singgasana, kuburan, prasasti, sirah cai, curug, leuweung, jeung sajabana. Di sagedengeun ti eta aya oge nu mangrupa urut karaton, benteng pertahanan, leuwi sipatahunan, arca batu, prasasti batu tulis di Bogor, kuburan tempat ngahiang di Gunung Gede di Bogor jeung Sukabumi, Leuweung Sancang di Garut, Curug Puntang di gulampeng kaler Gunung Malabar di Bandung kidul, jeung Sumur Jalatunda di Brebes, ,

Cag, heula sakitu!

Disundakeun & diadaptasi ku Asep Nurjamin

tina Kebudayaan Sunda Zaman Pajajaran Jilid 2 karangan Edi S Ekajati

penerbit Pustaka Jaya Jakarta tahun 2005

Tidak ada komentar: