Kamis, 29 Mei 2008

M A C A

Ku Asep Nurjamin

Panganteur

Maca teh mangrupa salah sahiji seler tina opat kaparigelan ngagunakeun basa. Lamun urang nitenan nu keur maca tinangtu baris kanyahoan yen maca teh teu merlukeun aktivitas fisik, padahal sabenerna pikiran nu maca teh digawe kalawan daria. Upama teu kitu tinangtu nu maca teh moal meunang hasil nanaon tina wacana nu dibacana. Jadi, maca teh teu bisa disebut pagawean pasif tapi kaasup kagiatan aktif reseptif. Disebut kitu soteh pedah maca teh mangrupa usaha pikeun ngahartikeun, ‘memahami’ hasil pikiran nu nulisna.

Dina kahirupan sapopoe, maca teh ngabogaan mangpaat nu cukup penting. Salaku manusa urang ngabogaan sifat hayang nyaho sagala kajadian, perkara, kaayaan, jeung kamajuan-kamajuan nu lumangsung di sabudeureun lingkungan hirupna. Di sagigireun eta manusa oge diwatesanan ku waktu, kamampuan, jeung kasempetan, kulantaran kitu asana teh mustahil pikeun nangenan sakabeh kajadian nu lumangsung,. Lebah dieu pisan mangfaat maca teh.

Ti mimiti taun genep puluhan pemarentah ngusahakeun sangkan masarakat Indonesia bisa maca jeung nulis. Maksud nu leuwih jerona mah nyaeta sangkan rahayat palinter. Patani jadi patani nu ngagunakeun elmu tatanen anu bener, jadi padagang anu ngagunakeun elmu dagang anu bener, jeung sajabana; ceuk cohagna ngaliwatan maca kabeh rahayat ditarekahan jadi masarakat anu ilmiah. Tapi jigana mah eta cita-cita teh masih keneh hese diwujudkeunana lantaran loba pisan barebedanana. Boh, ti pihak masarakat sorangan boh ti pihak pamarentahna.

Numutkeun Ahmad Slamet, lamun dipasing-pasing tina jihad maca, masarakat urang masarakat urang teh ngawengku tilu golongan, nyaeta: (1) masarakat anu teu bisa maca sama sekali, (2) masarakat anu bisa maca tapi tara pisan maca, (3) masarakat anu bisa maca bari resep maca.

Golongan anu kahiji mah jigana ayeuna geus rada langka tapi golongan nu kadua mah jigana jacida euyeub. Hal ieu teh bisa kanyahoan tina perbandingan lobana jumlah kalawarta, majalah, jeung media cetak sejena anu kacida ganjorna ti batan jumlah jelema nu aya di Indonesia. Upama ditetenan kalawan tenget mah musabab nu pangutamana mah nyaeta kurangna minat (kahayang atawa karsep) pikeun maca.

Tumuwuhna rasa resep jeung butuh ku maca teu bisa datang kitu bae tapi perelu di ipuk ti leuleutik. Lebah dieu pisan peran guru teh kacida pentingna. Jadi nu pangheulana kudu dipikiran ku guru teh lain wungkkul bahan bacaan atawa cara maca tapi kumaha nu muwuhkeun rasa resep maca ku cara mere kasenangan dina maca. Maksudna, dina pangajaran maca guru nyiptakeun kondisi anu hade sangkan siswa (murid) ngarasa yen maca teh matak resep, pogot, tur ahirna jadi pangabutuh.

Wangenan

Maca teh mangrupa kagiatan (proses) anu tujuanna pikeun nengetan maksud nu nulis, boh maksud anu sajalantrahna, ‘tersurat’ atawa maksud anu aya di satukangeun kalimah-kalimahna, ‘tersirat”. Kagiatan macana bisa make sora bisa oge ukur dina jero hate.

Papasingan

Numutkeun Ahmad Slamet, aya genep kagiatan maca anu perelu diajarkeun di sakola dasar nnnyaeta:

(1) maca teknik,

(2) maca dina jero hate

(3) maca basa, membaca bahasa

(4) maca buku pustaka

(5) maca gancang, jeung

(6) maca estetis

tina genep kagiatan di luhur sabenerna kagiatan maca teh bisa dipasingkeun kana dua kagiatan anu utama nyaeta maca make sora jeung maca di jero hate. Anu kaasup maca make sora mah ngan maca teknik anu liana mah kaasup kana maca di jero hate.

Pangajaran maca di sakola dasar di bagi dua bagian nyaeta maca munggaran, ‘membaca permulaan, jeung maca maher, ‘membaca lanjutan’. Maca munggaran diajarkeun di kelas hiji jeung di kelas dua, pangajaran maca dina tahap ieu nyoko kana maca teknik. Maca teknik oge tetep diajarkeun di kelas tilu nepi ka kelas genep, marengan pangajaran nu lianna.

(nomer 2 nepi ka nomer 6).

Di kelas nu leuwih luhur mah (ti kelas tilu ka luhur) nu leuwih loba dilatih teh nyaeta maca dina jero hate. Hal ieu teh estu dumasar kana masalah mangpaatna. Dina hirup kumbuh sapopoe mah apan anu loba dimangfaatkeun teh nyaeta maca dina jero hate. Geura wae titenan jalma anu keur maca buku., surat kabar, surat jeung sajabana komo lamon seug macana teh di tempat umum saperti dina beus apan meureun teu lucu mun kudu make maca teknik teh. Sok sanajan kitu maca teknik oge osok di gunakeun dina kahirupan sapopoe upamana wae dina macakeun bewara, warta berita boh dina radio atawa dina televisi.

Numutkeun pedaran di luhur, maca teknik tteh mangrupa pangajaran awal (munggaran) dina maca. Kulantaran eta ku urang kaharti lamun kabiasaan tina maca teknik di babawa kana kaparigelan maca anu saterusna, upama kabiasaan-kabiasaan dina kaparigelan maca anu beda teh silih pangaruhan tangtu wae bakal jadi panghalang (pikeun nu maca) pikeun nangkep maksud anu nyampak dina bacaan.

Ahmad Slamet manggihan sababaraha kabiasaan-kabiasaan anu kurang hade anu gede pisan pangaruhna kana kaparigelan maca, diantarana bae

1) maca make sora

2) maca di harewoskeun (haharewosan)

3) maca bari kunyam-kunyam

4) sirah nu maca milu maju nuturkeun jajaran-jajaran anu dibaca

5) maca bari nunjukkan kecap-kecap anu dibaca

Kabiasaan-kabiasaan goreng anu disebut di luhur teh mangrupa kabiasaan anu bakal ngaganggu kana gancangna maca, hese neuleuman maksud bacaan, jeung akibat-akibat sejenna deui.

Supaya kabiasaan-kabiasaan saperti kitu (sabenerna masih loba keneh kabiasaan goreng anu bisa disebutkeun) hentue ngabaju dina diri para murid urang, akalna mah taya deui iwal ti urang salaku guru kudu toweksa ngariksa murid dina waktu lumangsungna kagiatan maca di kelas.

Pedaran Pangajaran Maca

1) Maca Teknik

Sakumaha di pedar di luhur maca teknik teh nyaeta kagiatan maca vokal. Ringkesnamah nyaeta ngalisankeun bacaan. Dina kagiatan maca saperti kieu diperlukeun tilu komponen nyaeta nu macakeun, nu ngabandungan, jeung bahan bacaan. Numutkeun Tarigan (1986: 23)

dina maca teknik diperlukeun dua kaparigelan nyaeta,

1) melek kana aksara jeung tanda-tanda baca

2) ngalisankeun bacaan

kaparigelan anu kudu dilatih hususna di kelas hiji jeung kelas dua nyaeta lafal atawa cara ngucapkeun hiji sora, ngucapkeun kalimah boh wawaran, pananya, atawa pangajak. Di sagedengeun eta perelu oge dilatih gancang jeung ancana maca, volume sora oge kalantaran macana.

2) Maca dina Jero Hate

Dina kanyataan hirup sapopoe mah maca dina jero hate kacida pisan pentingna. Ampir kabeh kagiatan maca anu lumangsung dina kahirupan ngagunakeun maca di jero hate, iwal ti budak anu masih keneh can lancer macana anu unggal maca teh kudu wae digorolangkeun. Ku sabab kitu aya nu nganggap yen maca jero hate, maca pikeun jalma anu geus dewasa. Pamanggih kitu teh tangtu teu sapinuhna bener taqpi umumna mah benerna eta pamanggih teh bisa katangenan (kabandungan) dina hirup kumbuh sapopoe.

Waktu maca jero hate nu maca ngagunakeun panon jeung ingetan anu daria. Pikeun barudak sakola dasar mah kagiatan model kieu kaasup kagiatan anu teu pati babari dilaksanakeun 9husuna di kelas tilu jeung kelas opat) sabab biasana barudak dina umur sakitu mah apan keur meujeuhna ngopepang.

Dina pangajaran maca di sakola dasar, hal-hal penting anu kacida pisan kudu diperhatikeun ku guru nyaeta

1) biasakeun maca teu make sora, haharewosan, atawa kunyam-kunyem

2) biasakeun museurkeun ingetan kana bacaan

3) biasakeun nyaritakeun atawa nuliskeun deui eusi bacaan nurutkeun wanda nu maca.

Pikeun nmganyahoankeun (gontrol)naha budak teh keur maca bari museurkeun ingetan atwa ngalamun guru hadena mere sababaraha soal pertanyaan bacaan.

3) Maca Basa

Maca basa teh sabenerna kaasup oge kana maca dina jero hate, hartina dina maca basa teh teu kudu make sora. Pangajaran maca basa teh geus mimiti diajarkeun di kelas tilu. Tujuan utamana nyaeta pikeun ningkatkeun pangaweruh basa anu engkena bisa digunakeun pikeun ningkatkeun kaparigelan ngagunakeun basa, boh tinulis atawa lisan.

Upama diwincik mah tujuan maca basa teh saperti kaunggel di handap ieu:

(1) nambahan pangaweruh kabeungharan kecap

(2) nambahan pangaeruh dina cara ngantetkeun kecap (morfologi)

(3) nambahan pangaweruh dina tata cara ngawangun kalimah (sintaksis)

(4) nambahan pangaweruh ngeunaan cara nulis. Upamana wae cara nulis (nempatkeun) huruf gede, ngalarapkeun tanda baca, kata majemuk (?) jeung sajabana

4) Maca Pustaka

Maca pustaka ngandung harti maca bahan-bahan bacaan anu aya di perpustakaan. Jadi bahan anu di bacana teh lain bahan anu aya dina buku teks wajib, gunana nyaeta bisa dipake nyuluran kagiatan di kelas anu kaganggu ku acara-acara anu teu bisa di tinggalkeun contona rapat guru, upacara, jeung sababna .

Maca pustaka ngabogaan mangfaat anu jembar, pangpangna mah pikeun ngalegaan wawasan (heunteu cupet, kurung batok) oge pikeun numuwuhkeun rasa estetis ku jalan maca bacaan-bacaan sastra. Jadi, maca pustaka teh bisa oge di adumaniskeun jeung maca estetis tapi tangtu wae kudu milih tempat anu merenah, ulah nepi ka ngaganggu batur anu keur maca.

PRABU SILIWANGI: DI ANTARA FAKTA JEUNG MITOS

ku Asep Nurjamin

Pikeun masyarakat Sunda, Prabu Siliwangi teh mangrupa tokoh sajarah. Hartina Prabu Siliwangi teh dianggap kungsi aya di kieuna. Anjeunna dianggap raja agung nu kungsi nyakrawati ngabahu denda di Karajaan Sunda. Sok sanajan kitu, nu saenyana dina buku-buku sajarah ngeunaan Karajaan Sunda mah teu kungsi kasebut aya raja nu ngaranna Prabu Siliwangi.

Dina sababarah prasasti, nu kasebut teh ukur Prabu Raja Wastu, Rahyang Niskala Wastukancana, Rahyang Ningratkancana, jeung Sri Baduga Maharaja minangka raja Sunda. Dina catetan sajarah anu mangrupa naskah oge ngaran Prabu Siliwangi minangka raja Sunda teh teu kungsi kasebut. Dina naskah Sanghyang Siksa Kandang Karesian nu disusun tahun 1518 disebutkeun yen Siliwangi teh mangrupa judul carita pantun (Aca & Saleh Danasasmita, 1981). Numutkeun juru pantun nu aya di Bogor dina tahun 1986, Siliwangi teh ngarupakeun raja agung ti Pajajaran. Upama nu dicaritakeun dina eta eusi carita pantun sarua jeung eusi carita pantun Siliwangi nu disebut dina Sanghyang Siksa Kandang Karesian, hartina dina taun 1518 ngaran Siliwangi salaku raja Pajajaran geus jadi tokoh sastra, tokoh sasakala, jeung tokoh sajarah. Hal ieu ngandung harti oge yen dina mangsa pamarentahan Sri Baduga Maharaja (1482-1521), ngaran Siliwangi geus jadi tokoh sastra. Kitu deui numutkeun naskah Bujangga Manik nu nyebutkeun yen Siliwangi (nu ditulisna Silih Wangi) teh ngaran tokoh nu diabadikeun dina ngaran pamandian atawa sumur Jalatunda di daerah Kabupaten Brebes Jawa Tengah ayeuna. Numutkeun Noorduyn (1982), eta katerangan teh jadi ciciren yen nalika eta sajarah ditulis, Silih Wangi teh geus jadi tokoh sajarah anu kacida populerna. Kulantaran kitu, gede pisan panasaran pikeun ngajawab pertanyaan ngeunaan saha anu saenyana ari Prabu Siliwangi teh. Naha anjeunna teh saukur mitos atawa legenda nu aya dina hasanah budaya masyarakat Sunda atawa hiji tokoh sajarah nu enya-enya kungsi aya di kieuna?

Salaku tokoh legendaris, mitologis, jeung pahlawan dina alam kabudayaan, Prabu Siliwangi dianggap tokoh nu asalna ti kulawarga karaton, putra raja ti prameswari, kasep, leber wawanen, gede kawani, wijaksana, jeung adil. Ajeunna raja pamungkas di Pajajaran nu pinunjul. Prabu Siliwangi dicaturkeun jadi raja nu sakti nepi ka teu bisa paeh, saukur ngahiang, ngaleungit raga badagna. Ari rohna tetep hirup ngageugeuh di tatar Sunda. Mun kawenehan, roh Prabu Siliwangi sok datang magrupa maung lodaya. Nepi ka kiwari, roh Prabu Siliwangi masih nyerangkeun bari ngaping ngajaring ti kaanggangan bok bisi urang Sunda meunang pangrobeda.

Sakali deui, perlu diyakinkeun yen eta kayakinan urang Sunda teh estu ngan numutkeun sumber sajarah anu sekunder, mangrupa babad, wawacan, atawa folklore. Dina sajarah primer anu mangrupa prasasti jeung naskah kontemporer mah ngaran Prabu Siliwangi teh teu kungsi pisan disebut. Ku lantaran kitu, bisa dicindekkeun yen tokoh Prabu Siliwangi teh teh lain tokoh sajarah tapi ukur tokoh nu hirup dina alam ciciptaan urang Sunda.

Numutkeun data sekunder nu aya, carita ngeunaan Prabu Siliwangi teh bisa dijieun tilu kelompok. Kelompok kahiji, nyaritakeun Prabu Siliwangi (1) minangka tokoh anu agung tur linuhung. Dina kelompok ieu teu dicaritakeun yen Siliwangi teh (2) mangrupa raja Pajajaran anu munggaran atawa nu pamungkas tapi ukur dicaritakeun yen anjeunna teh (3) boga luluhur jeung boga turunan. Sumber sekunder anu kaasup kelompok ieu teh, nyaeta: Babad Siliwangi, Babad Pajajaran,Carita Anggalarang, jeung Cariosan Prabu Siliwangi.

Kelompok kadua, nu umumna aya di daerah Cirebon, nyaritakeun yen Prabu Siliwangi teh: (1) luluhurna Syarif Hidayat atawa Sunan Gunung Jati, (2) raja pamungkas ti Pajajaran, (3) nagarana dicangking ku anak incuna. Sumber sekunder anu kaasup kelompok ieu teh, nyaeta: Carita Purwaka Caruban Nagari, Babad Cirebon, jeung Wawacan Walangsungsang.

Kelompok katilu, nyaritakeun yen Prabu Siliwangi the: (1) raja Pamungkas ti Pajajaran. Anjeunna (2) dicaturkeun jadi raja anu hengker, (3) nagarana ancur burakrakan. Dina kelompok ieu Siliwangi (4) dicaritakeun ngahiang pikeun nyingkahan pangajak jeung pamaksa sangkan ngagem Islam ti putrana anu kaceluk Kean Santang. Sumber sekunder nu kaasup kelompok ieu nyaeta Babad Godog sareng Wawacan Perbu Kean Santang.

Sanajan taya pisan bukti sajarah nu nguatkeunana, kayakinan kana ayana Prabu Siliwangi teh nepi ka kiwari tetep hirup dina alam pikiran masyarakat Sunda. Loba keneh jalma nu percaya yen roh Prabu Siliwangi teh masih keneh bisa diamat tur nyurup kana awak jala kiwari. Cenah, nalika nyurup kitu Siliwangi Prabu Siliwangi mere wangsit, pituduh, mere wejangan, ngawawadian, ngelingan sangkan sakabeh seuweu siwi Siliwangi hirup bener cageur bageur. Biasana, nyurupna teh ka jala anu neyebut-nyebut ngaran Siliwangi, cenah.

Ku kuat-kuatna kayakinan kana ayana jeung kasaktianana, nepi ka dina mangsa ngadegkeun divisi tentara di Jawa Barat dingaranan Divisi Siliwangi kalayan make lambang hulu maung lodaya. Nu dipalar sangkan para prajuritna boga rasa percaya diri, pengkuh, ngagedur sumangetna dina enggoning bebela ka nagarana,

Urang Sunda percaya yen teu saeutik tempat di tatar Sunda nu dipercaya mangrupa tapak lacak Prabu Siliwangi. Eta tempat teh dianggap tempat panganjrekan, tempat ngahiang, tempat nu kungsi didatangan, jeung rea-rea deui. Titingalna aya anu mangrupa watu gigilang nu sok disarebut oge pangcalikan atawa batu singgasana, kuburan, prasasti, sirah cai, curug, leuweung, jeung sajabana. Di sagedengeun ti eta aya oge nu mangrupa urut karaton, benteng pertahanan, leuwi sipatahunan, arca batu, prasasti batu tulis di Bogor, kuburan tempat ngahiang di Gunung Gede di Bogor jeung Sukabumi, Leuweung Sancang di Garut, Curug Puntang di gulampeng kaler Gunung Malabar di Bandung kidul, jeung Sumur Jalatunda di Brebes, ,

Cag, heula sakitu!

Disundakeun & diadaptasi ku Asep Nurjamin

tina Kebudayaan Sunda Zaman Pajajaran Jilid 2 karangan Edi S Ekajati

penerbit Pustaka Jaya Jakarta tahun 2005